Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Dakwah tentang Ilmu (Basa Sunda)

طلب العلم

بسم الله الرحمن الرحيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمد لله الذي جمعنا فى هذا المجلس اشهد ان لا اله الاّ الله واحده لاشريك له واشهد انّ محمّدا عبده ورسوله الذي لا نبي بعده اللهمّ صلّ على سيّدينا  محمّد صلاة وسلاما على رسول الله وعلى اله وصحبه ومن تابعه باحسان الى يوم القيامة. امّا بعد 

Puji anu tumanceb dina ati sanubari, puja anu nyaliara dina raga, oge syukur anu ngalebur kana kufur hayu urang sami-sami panjatkeun ka dzat Allah anu maha ghofur.

Shalawat anu di tutur ku salam mugia ngocor ka nabi akhir zaman nyatana kanjeng nabi Muhammad saw. Te hilap ka para Shabatna, Tabi'in tabi'atna malah mandar dugi ka urang sadayana anu pamudah-mudahan diangkeun umat mantena kalayan jaga kenging syafa'atul udzma di yaumil jaza. aamiin yaa robbal 'alamiin.
dina iyeu kasempetan sim kuring bade ngadugiken dakwah tentang Ilmu.
 
Kaum Muslimin Rohimakumulloh

Ari kahirupan ulah lepas tina wawasan sabab eta bakal jadi pamuka jalan anu sesuai jeng tujuan, ari wawasan eta sok di sebut ilmu. Ari ilmu eta aya anu kudu difikir aya oge anu te kudu di fikir anu te kudu di fikir sapertikeun uyah rasana asin gula rasana amis anu dina istilah mantekmah di sebut ilmu dzoruri.
Sedengken ilmu anu kudu di fikir nyaeta ilmu anu kudu di ikhtiyaran, ku cara urang datang ka tempat pangajian, datang ka pasantren oge datang ka sakola, jeng perlu bimbingan ti jalma anu tos faham kana ilmu, tegesna kudu boga guru. tah ilmu iyeuteh pmi dina kitab mantiqmah di sebut ilmu nadhori. ari  iktiyar dina milari ilmu eta hukumna wajib sakumaha dawuhan kanjeng nabi :

طلب العلم فريضة على كل مسلم ومسلمات
Anu hartosna : Ari nyuprih ilmuteh hukumna hukumna fardu kasetiap muslim lalaki jeng muslim awewe.

Kulantaran urang teh selaku umat islam jadi penting urang ngadakwahken tentang Ilmu atawa nyuprih kana Ilmu salagi urang mampuh. Jadi wajib nyuprih ilmu bari dina iyeu hadits te aya korenah anu ngakhususken ka seseorang tapi ker sakabehna Umat islam rek budak rek kolot, sehingga te mandang usia. sakumaha dawuhan kanjeng rosul :

اطلب العلم من المهد الى اللهد
Anu hartosna : kudu nyuprih anjen kana ilmu ti mimiti lahir ka alam dunya nepika nyawa kaluar tina raga.

Jeng te aya korenah anu ngakhususken kanu boga harta jeng jabatan sehungga te kudu mandang harta jeng tahta. sabab lapad كل anu aya dina lafadz كل مسلم ومسلمات etateh di sebut  كل مجموع tegesna kacakup kabehannana.

Kaum Muslimin Rohimakumulloh

Dina Umumna sakabeh manusia ku Alloh SWT di bere aqal anu jadi pembeda jeng makhluk ciptaan Alloh anu sejen, anu sakuduna ku urang di syukuri ku cara gunaken aqal urang paket ngadakwahken tentang Ilmu atawa di pake Nyuprih kana Ilmu. Sabab lamun urang ngdakwahkeun tentang ilmu bakal mere manfa'at ker jalma anu awam, sehingga bisa mere jalan ka jalma awan kana jalan anu matak jadi sabab ngadeketken kana Ridhona Alloh SWT. Sakumaha dawuhan kanjeng rosul :
خير الناس انفعهم للناس 
Hartosna : Salus-alusna manusia nyaeta jalma anu bisa mesihan  manfa'at ker manusia anu sejena deui. 

Jeng lamun urang nyuprih Ilmu tangtu urang bakal menang manfa'at jeng petunjuk ker mempermudah ngajalankeun kahirupan di alam dunia kalayan aya dina katenangan, sehingga moal terjerumus kana jalan anu salah anu di pika bendu ku Alloh SWT.

Bahkan piken jalma anu ngadakwahkeun kana Ilmu tegesna jalma anu berilmu, eta Tos aya jaminan ti Alloh SWT sakumaha anu di jelaskeun di Surat Al-Mujadalah ayat 11 : 

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا قِيْلَ لَكُمْ تَفَسَّحُوْا فِى الْمَجٰلِسِ فَافْسَحُوْا يَفْسَحِ اللّٰهُ لَكُمْۚ وَاِذَا قِيْلَ انْشُزُوْا فَانْشُزُوْا يَرْفَعِ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْۙ وَالَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ دَرَجٰتٍۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْر

Hartosna : "Wahai Jalma-jalma anu beriman ! Dimana-mana dicaritakeun ka anjen, " lapangkeun hate aranjen nalika aya di Majelis-majelis, mangka lapang hate aranjen, pasti Alloh SWT bakal maparin kalapangan kana hate anranjen. sareng pami dicaritakeun, " Harudang aranjen," Terus harudang aranjen, pasti Alloh bakal ngangkat kana Darajat Jalma-jalama anu iman diantara anjen jeng jalma-jalma anu di paparin Ilmu. sareng ari gusti Alloh eta bakal uninga kana sagala perkara anu dilakukeun ku anjen jeng maha waspada."

Jadi kasimpulanna Dakwah tentang Ilmu Penting, Nyuprih Ilmu eta leuwih Penting, maka manfa'atkeun waktu luang urang pikeun Nyuprih Ilmu jeng ngadakwahken tentang Ilmu sabab eta bakal mere manfa'at ker diri urang jeng ker papada jalma.

Hadirin Rimakumullloh 
 
Sakitu anu tiasa kadugikeun ku sim kuring sok sanaos singkat tpi mudah-mudahan manfa'at. hapunten bilih aya tulisan anu lepat oge penjelasan anu kirang nyambung, ma'lum nuju seja diajar, mugia aya kritik sareng saran ti para pembaca kanggo bahan Evaluasi simkuring. hatur nuhun.

buah tomat buah peuteuy tamat euy
wassalaamu'alaikum wr. wb.

Post a Comment for "Dakwah tentang Ilmu (Basa Sunda)"